Monday, March 23, 2009

Guguritan “Paranti Nyawer”


Asmarandana

Sim kuring nyuhunkeun widi
ka sadaya nu mayunan
bade nyelang heula nyawer
samemeh ngersakeun tuang
metakeun karasmian
galib talari karuhun
turunan ti Nabi Adam
Metik galibna nu alim
noeulad pituah pandita
didamel sundana bae
puguh pulunganeunnana
aya nu resep ngadangu
tah kieu ieu ungelna

Kinanti

pun sapun kang Sang Rumuhun
ka Batara ka Batari
ka Batara Naga Raja
ka sadaya pra Pohaci
ka Guru Ratu sadaya
noe calik jadi candoli

Kaulanun amit ampun
ka anu kagungan bumi
tobat ka para juragan
anu sami pada sumping
nu langgah di papajangan
tua anom jaler istri

Repeh sadaya nu kumpul
nu nyawer kaluli-luli
nyawer murangkalih sunat
nurutan jaman bihari
lampah sepuh nu baheula
nyuhunkeun salamet diri

Mentas ngaluluskeun laku
parantos ngabangbrangkeun galih
munjung ka ibu ka rama
ka nini sareng ka aki
ka bibi sareng ka paman
ku dumeh nembean sumping

cunduk bayuna ti timur
dongkap atmana ti hilir
kengingna lantang ti pasar
beunang ngajak samamargi
nya kenging ngandung ibuna
ti kang rama awit nitis

Kawitan ti asal enur
mulana asal ngajadi
sabulan sang kumpa herang
dua bulan kumpa hening
tilu bulan gulung rasa
opat sasih turun rohid

Lima sasih embut-embut
genep sasih bisa mali
tujuh sasih roh ka dua
dalapan sasih wahdati
ka salapan ujang medal,
nya sumping ka alam lahir

Lungsur ti marga rahayu
nya sumping ka marga bumi
sumear di alam padang
suka rama ibu nini
deudeuh jaya karantenan
pameget di kolong langit

Nangtung dina kuwung-kuwung
Mipir-mipir katumbiri
Nyukung dina teja mentrang
Nyeleket di kilat tatit
Pangawak hejo carulang
Watek kaimpungan wargi

Nyekel di palias jukut
Masing titih sugih mukti
Mangka luas beurat beunghar
Loba duit buncir leuit
Sugih keton rea ketan
Salira jadian siwi

Seuweu ratu kedah tumut
putra mantri kedah tilik
nu agung linggih di raja
nu endah lebah di gusti
dilingkung para juwita
dibanding para widadari

Guru ratu kudu tumut
Para wali nu ti gigir
Ibu ramana ti tengah
Ti pengkeren sanak wargi
Ti luhur para malaikat
Nu ngabagikeun rejeki

Puter kurung di pangambung
Bulu bitis kawas picis
Tapak jalak dina letah
Raja kalang dina pipi
Rajah wahana didada
Satria jalantir kuning

Nu nilik sakabeh wuyung
Nu ningal sadaya asih
Ngembeng panjang bubudina
Nu lungguh mindag ti peuting
Ulat manis ngembang mencrang
Midang siang anom sigit

Sinom

Sekar bingbin jangarian
Sekar kalapa cinugi
Sekar pinang di majangna
Sukur kamanjangan teuing
Disawer ku beas kuning
Beas beureum anu hurung
Kuningna kawas teja
Di tingalna langkung resmi
Ngagurilap herang mani siga emas

Nabi Yusup nu majengan
Disanding ku nabi Idris
Digenggem koe Rasululloh
Murub sakuriling diri
Nabi kabeh nu ngaraping
Lungguhna dina rahayu
Jayana kamanusaan
Calik di sanggiang sakti
Malaikat sadayana nu ngajaga

Ku Jabral disandingan
Jeung Malaikat Minkail
Isropil nya kitu pisan
Ngaraksa sakujur jisim
Nitipkeun beurang peuting
Ka sadaya nu kasebut
Kabeh para olia
Sinareng ka para wali, muga nganti sampurna dunya aherat

Kinanti

Payung tilu nungku-nungku
Payung tujuh nu nguriling
Payung dalapan ngajajar
Payung salapan ngabanding
Ulah katungkul ramana
Sareng ulah beurat galih

Kudu nganggit-nganggit kalmu
Kadah ngaraoskeun galih
Nu nyawer kedah sampurna
Supanten tumbalna matih
Panajem ulah katilar
Bati dagang kedah bijil

ucutkeun poponden rajut
pikeun tulak sial diri
malar tebih balaina
masingna parek rejeki
salamet panjang yuswana
dugi ka alam nu lahir

Neda ma’lum cukup lumur
Ka sadaya nu lalinggih
Ieu anu nyawer tamat
Geura lebet murangkalih
Calikkeun di papajangan,
Ondangan sumangga linggih

No comments:

Post a Comment

Silahkan isi komentar anda