Monday, March 23, 2009

Wangsit Prabu Siliwangi

Jayana buta - buta heunteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.

Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan.

Iraha mangsana ?

Engke mun geus tembong budak angon ! Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara !


Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung!

Matakna garelut ?

Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang loba; nu boga hak marenta bagianana.Ngan anu areling caricing. Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang.

Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu nyarekel gadean.

Buta - buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara.

Laju nareangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum ditihangan ku hanjuang.

Nareangan budak tumbal, tapi sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawene.

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.

No comments:

Post a Comment

Silahkan isi komentar anda