Friday, March 20, 2009

Kembang Tanjung Panineungan


Anaking, jimat awaking,
basa Ema mulung tanjung rebun-rebun,
di pakarangan nu reumis kénéh,
harita keur kakandungan ku hidep.

Geus opat taun ka tukang,
ema nyipta mulung béntang,
nu marurag peuting tadi,
béntang seungit ditiiran, pangangguran.

Anaking, jimat awaking,
basa Ema mulung tanjung rebun-rebun.
bet henteu sangka aya nu datang,
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep.

Nu opat poé teu mulang,
ngepung gunung pager bitis,
cenah tiwas peuting tadi,
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.

Harita, waktu layonna geus datang,
ema ceurik, aduh, balilihan,
ras ka hidep, yeuh, na kandungan,
utun inji budak yatim, deudeuh teuing.

Harita, waktu layon geus digotong,
ema inget, geuning, kana tanjung,
dikalungkeun na pasaran,
kembang asih panganggeusan, ieuh, ti duaan.

Anaking, jimat awaking,
lamun ema mulung tanjung reujeung hidep,
kasuat-suat nya pipikiran,
tapina kedalna téh ku hariring.

Hariring éling ku éling,
kana tanjung nu dipulung, éh,
kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan,
nu nyeungitan haté urang panineungan.

No comments:

Post a Comment

Silahkan isi komentar anda